Minggu, 09 Desember 2018


SYARAT IBADAH HAJI 

Aslmkm...sampurasun
Kalayan ngucapken asmana mantena anu ku urang di piagung yen urang aya dina ginanjar kawilujengan tur aya dina tangtayungan mantena.yen gening manusa teh masih aya dina kaalpaan jeng masih peryogi bingbingan.satiap lakulampah bakal di peunteun.satiap amalan bakal di takonan.salah sahijina nu aya dina karukunan kaislaman anu mawa kasalametan.salah sawiosna dinten enjing anu di ayaken idul adha atanapi nu di sebat lebaran haji.kanggo rukun nu hiji ieu alloh masihan saratna anu kacida rumitna anu dugi ken aya tata titina.nata dina tatacarana dugi kedah niti dina lengkahna.dugiken aya sarat sarat anu teu tiasa di wagel sareng di pilihan.mangga urang guar sajelentrena.
Anu bade ibadah haji kedah:
- ngabebasken manusa anu di anggap hina (perbudakan) janten mulia.
- tiasa nyalametken sakitar bumina,paling caket antara 40 susuhan di antarana misalna nulungan anu teu damang,masihan waragad kanu yatimna dugi tos ridho sadayana di kantunken barangkat hajina jeng sajabana.
- teu aya sametan anu ngaganjelken dina kaihlasan kulawarga.
- tos teu aya tanggelwaler nu tiasa ngaganggu ka husuan ibadah.
- mun pangawasa kedah ngamulyaken rahayatna.
- mun nu dina usaha niaga kedah ngasejahteraken wargana.
- dina kulawarga tos teu aya baraya aya dina kasusahan,waluya tur aya dina karaharjaan.
- tos pasti sareng beres ngajalanken 4 rukun sateu acana.
- tos sanggem walagri sareng papati dina ngajalankena.
Tah kitu gening sarat isaratna anu kedah di cumponan kunu bade ibadah hajiteh.sadaya kedah di cumponan.teu tiasa di pilah pilah teu tiasa di pilih pilih.mun salah sawios teu acan di jalanken ieu bakal janten jadi mamala dina kamambruranana.tapi tong hariwang sabab aya carita rossululloh yen saha wae ge tiasa janten haji mambrur anu teu gaduh waragad kanggo angkatna janten we jalmi nu soleh paduli kasasama di kisahken ku wargna yen aya jalmi haji mabrur tapi anjena teu angkat ka mekkah nyaeta jalmi anu ihlas rido anu anjena ngaulaan indungna anu tos teu tiasa nanaon,tah eta gning anu mabrurteh nyaeta anu tos tiasa ngajalanken sarat sarat anu tadi subhanalloh. Gening allohteh maha mulia anu di kucurken ka mahlukna mugia urang sadaya tiasa janten haji mambrur tur dugi deui ka mantena amin...salam (dsa)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...