Minggu, 09 Desember 2018


MAKNA ANGKA 666



6x6x6
sampurasun ... kasadayana
mugia aya dina tangtayungan mantena...
rehna dinten ayeuna seu eur pisan anu karaos di kawitan ku mentrangna panon poe dugi ngucurna cai hujan dugi tenget ayeuna.
yen eta cingcirining aya rohmat mantena.
aya tilu titian anu ngucurna cai tilangit dugi ka taneuhna. nyeta awalna kedah aya panon poe nu manasan cai teras kedah aya tempal ngempelna cai di langit nyaeta aya haseupna anu wadahna teras nembe turun deui cai di langit ka bumi deui.tah eta anu di sebat kajadian alam atanapi hukum alam.kity deui kahirupan urang. antara langit jeung bumi aya anu ngalamana nyaeta aya manusa,jin - iblis - malaikat.
sabab sateu acan aya manusa sang wenang alloh azawajala masihan wejangan yen sagala rupi teh kedah nincak pas kana tatapakan. elmuteh kedah ngawirahma,ngawirasa,ngawiraga.eta nu di sebatna nincak. tah mahluk ciptaan mantena teh bingung dugi maranehna narosken nu kumaha nincakteh.tah ku kituna gusti nembe we nyiptaken awal pisan anu namina bumi atanapi lemah.janten sateu acan nyiptaken bintang jeng nu laina gusti nyiptaken bumi heula anu lamina 6 masa. pas atos di damel bumi kabeh mahluk gusti muru eta bumi hoyong ngasaan kumaha ari nincak teh.

janten pas awalna ngadamel teh bumi nembe anu sanesna. dugi sadaya planet sareng bintangna muteran eta anu namina bumi.tah kitu gening hukum alamna.sabab saha wae mahluk ciptaan mantena ngaraosken eta kahebatan anu anu namina bumi dugi jin iblis lebet ka jero bumi hoyong terang eusina.tah didinya iblis ngangken ka hebatan eta bumi.sabab bumi kenging kapercantenan di gusti.dugi iblis sirik yen anu nyicingan bumi teh manusa jeng jin dina ahirna. sabab salah sahiji unsur anu aya di manusateh bumi.teras anu bakal dugi ka langit mendakan mantena iwal manusa di arastawateh.tah eta janten salah sahiji anu janten sirik si iblis. sabab manusa bakal kenging kapercantenan ku gusti.dugi satiap lapis langit bakal di cicingan ku para manusa anu di percanten ku mantena.tah ieu anu di sebab mahluk anu sampurna.sabab bakal nembusken di bumi dugi langitna. iwal manusa anu bisa mendakan mantena langsung di arastawa.dugi janten kakasihna.tah ieu anu di sebat percaya, dipercaya,kenging kapercayaan.janten urang teh kedah iman atanami 6 tea.tah iman teh teu tiasa kiat lamun henteu di gali ku urang sabab percaya ieu kedah kiat kayakinan.dugi urang ulah ngaraos tos iman lamun teu aya kayakinan. tah ieu maksadna 6x6x6 sanes 666 sabab salami ieu manusa tos ngaraos iman padahal teu acan ku proses alam kedah tembuh di alam jin-iblis-malaikat nembe janten manusa janten urang kedah ngalaman/proses eta. sabab rata-rata nembe tembus alam iblis pada tos riren tos ngarasa iman.padahalmah teu acan beres.iman x iman x iman = manusa.
iman kedah di gali kedah di gali kedah di gali.tah kitu gening lalakon manusa ulah ngaraos tos iman lamun teu acan yakin sareng di gali.mugia ewar ieu janten kakiatan urang kanggo ngagali iman urang sadayana... sampurasun (dsa)..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...