DURIAT NU NYATA
Sampurasun..
Di kawitaning ku nyebatkeun asma mantena Yen teu aya hingga ka agungana.
Inggoning hirup manusa teu aya anu walakaya lir ibarat kalakay anu murag dina tangkal.
Gusti masihan weton dina papasten Gusti masihan dinten dina waktos Gusti masihan minggon dina batasan.
Manjeng manjang munjung eta anu kedah di jalanan ku urang.sabab eta anu bakal janten duriat. Duriat nu mana jeng nu kumaha?
Nyaeta duriat anu saenyana.
Duriat anu manjeng
Duriat anu manjang
Duriat anu munjung
Tah ieu duriat anu saenyana, sabab di jerona ngagumulung kanyaah, kadeudeuh,kasono anu teu bisa di pangpalerken.
Kade duriat ieu teh ngahijikeun antara manah sareng nafsu. Mana anu lewih balukarna karma.
Duriat kabagi 3 :
1. Manah lewih unggul nafsu Duriatining kasanghyang agung.
2. Manah saimbang jeng nafsu Duriatining ka sasama manusa.
3. Nafsu lewih unggul jeng manah Duriatining sasatoan.
Sok mangga tinggal ngalarapkeun da kabeh ge aya di diri manusa.
Kedah manjing dina ruang, tempat, waktuna.
Duriat ka gusti moal bisa sarua jeng sasama kitu deui jeng duriat nu laina.
Awas ati-ati tong ngabibisani bisi keuna dir diri.
Tah eta anu di sebat duriat anu saenyana sabab lamun bisa ngajalankeunna aya jaminan di mantena nya eta bakal jadi kakasihna. Bakal ngagumulung dina sagara puncak rasa sungrawuh majati insun tunggal Manik Cahaya Alam kawenangan sawarga maniloka anu teu aya hinggana(puncak na kanikmatan).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar