Selasa, 09 April 2019


4102019











IDAZIL KEUR SUKABUNGAH

Sampurasun…
    Harengheng nyangkereng dina mangsa aheng
    Balebat geus teu mawa mawat
    Mangsa geus teu mawa riksa
Ngan mun aya jumawa jeung dosa
Ti genep bulan katukang dugi ka ayeuna
Loba silih ngahina papada sasama
Silih gorengkeun lakulampahna
    Para malaekat kacida sedihna
    Nyakseni manusa sakitu hina na
    Poho kana temah wadina
    Poho kana jatirasa mukta raga mukta jiwa
Kalah ngalajur nafsu amarah na
Genah ceuk anu saguyub ceuk lingkungna
Peurih ceuk nu lain sauyubna
    Idazil sukabungah loba baladna
    Poho ka temah wadina
    Poho kana jatirasa mukta raga mukta jiwa
Kalah ngalajur nafsu amarah na
Pedah cenah rek milih satria piningit
Pedah cenah raja nagara sagala-galana
    Idazil sukabungah loba baladna
    Wiwaha manusa ka bawa ku ruhakna naraka
    Jumawa mawa ka panasna nafsu amarahna
   Uteukna geus teu make rasamanah wening galihna
Gera beunta hatena
Gera hudang manahna
Gera usik ragana
    Emut saha anjeun nu saestuna…



  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...