Minggu, 09 Desember 2018



MAKNA GERHANA 3112018



Sampurasun
Nyambuangwawangi Sora adzan di haliwirken ku angin di geterkeun ku seredetna hate. Wanci ayeuna janten totonden Yen alam jeng raga Aya patalikaitna anu kacida raketna.alam Jeung manusa moal bisa di pisahkeun.tur kitu Oge manusa Jeung nu nyiptakeuna,moal tiasa di tebihkeun.sabab di antara manusa sareng gustina aya alam di sebatna.Tur inggoning manusia ingon-ingon atanapi angon-angon anu teu tiasa nanaon di payunen mantena. Sapertos  wengi ayeuna Ngantaina ciptaan gusti  di langit.ngaleut ngabandaleut nguntuy raut sauyunan.cingcirining eta planet tunduk ka mantena.dugi eta planet nyebat-nyebat Nami mantena(Alloh Azawajala).Dina Ngantay eta planet nyebat-nyebat kieu "Duh Gusti anu maha suci Sanghyang Nunggal jati na alam sawidhi, Duh Gusti sang praga Wisesa akurkeun kami,Duh Gusti Sanghyang Widhi jantenkeun kami taneuh Titian manusa nu boga jatidiri,Duh Gusti jadikeun kami Padang alam salaka wenang alam arti" .Tah kitu gening alam cipta ngagero ka gusti.Sabab alam pawenangan Kedah kenging diayeuna keneh di alam pawayangan.Naha harita satiap Aya gerhana Kedah tatalu, Kedah Sagala di takol eta gaduh maksad yen manusa keur tanghi.maksadnateh manusa nuju nyaring,eling,hudang keur hirup sabab urang Sunda sok make silib siloka .Tah kitu gening alam Oge gaduh Pineda sabab lamun Gusti nedunan kahayang alam pasti alam Dunya lekasan ayeuna keneh. Mugia urang sadaya Aya dina tangtayungan mantena.  (dsa)...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...