Senin, 10 Desember 2018

Sateu acan saum

Bismillah hirohman nirohim sareng ngucapken nami mantena alloh swt.
Salam ka sadayana mugya aya dina kawilujengan sareng aya dina tangtayungan mantena.
Niti wanci nu mustari nincak mangsa nu utama yen urangteh bade mayunan sasih anu kacida sucina.sasih anu kacida sakralna.tapi seu seuerna ngan di tinggal dina kawajibana wungkul padahal lamun di lenyepan sareng di teuleuman sasih ieu gaduh makna sareng carita anu kacida di peryogiken ku urang sadayana.sabab lamun urang sadayana terang pasti moal ninggal wajibna wungkul tapi tos jadi pangabutuh urang sadayana.sasih anu kacijda sucina kedah janten jadi sosi jang urang sadayana muka lawang cakra buana tunggal jang mendakan sang hyang wenang alloh swt terang janten tetecean jang mendakan sang hyang jati sunda nyaeta urang sadayana anu di sebat manusa tea.kedahna sateu acan saum urang tos mendakan saha atuh anu kedah saum na , patuangan? Cepil? Soca? Pangambung?atanapi baham urang? Sabab mun teu acan terang bakal kacida hanjeluna bakal teu aya hasilna saum teh.sabab saum teh sanes di sasih anu suci wungkul padahal kanggo saumur hirup manusa eta sorangan.sok enggal baca bahasa jasad sok gera baca bahasa jiwa supados mendakan rasa genah merenah tumaninah dina ngalakonan ngajaga sagala rupa nasfu anu matak mawa kana wiwaha jeng jumawana.wilujeng soson soson sareng ngajagi dina ka genahana supaya aya dina hegarna manah.salam kasadaya mugia manggih munggah di kabungahan.(dsa).

1 komentar:

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...