Minggu, 09 Desember 2018

Carita Gegerkalong

CARITA DAERAH GEGERKALONG BAHEULA 

17-12-2016


Nuju dinten saptu waktos aya acara di gerlong kpad abdi papendak sareng karuhun gerlong anjena ngangkenken abah giri.abdi nembe nyaritaken ayeuna sabab nembe kacerna maksad tujuan eta obrolan.singket carita anjena(bah giri) nyaritaken eta namina pencak silat nurutken pamendakan anjena.yen silat teh baheulana di bawa ka gerlongteh ku urang garut jeng urang banten.baheulanamah kebon sawah jeng loba tangkal awi.anu cicing di lembur eta masih kaitung,ngan kabeh ge ges pada apal yen anu nyicingan lembur etamah para jawara wungkul anu nyumput dina dunia pasilatan.anu salah sahijina ges ngalakuken kasalahan di tempat asalna.atawa kabur di pagurona jeng aya oge ngahaja neangan tempat jang paniisan saangges balik di pakasaban.salah sahijina aya pasilatan buhun.nepi manehna mawa buku kitab silatna ka eta tempat gerlong ayeunamah.Aya 3 (tilu)kitab anu di simpen di gerlong teh nyaeta:
1.elmu rawarontek
2.elmu silat pinilih tanpa tanding,
3.elmu Ngubaran khususna tulang jeng kabatinan.
ari ceukbah giri mah 3 buku ieu teh lengit teu puguh.sabab baheulamah urang gerlongteh kawentar sarakti .ti mimiti nu bageur,pinter,kabalinger ge aya.nu bisa menerken tulang,jago silat nepi begalge aya.tah kitab tadi teh kabur nu arahna kawetan rada nonggo(timur tenggara),aya nu ka kidul,aya oge ka kulon.nepi bah giri apalen aya supata ka lembur etateh.nepi baheula ku tentara di pilih jadi tempat gerilya da loba jawara na.aya kajadian yen aya nu datang di banten nu erek nyokot kitab tea ari di sampaken anu ngarajak tarung. Ari pas di lawan areleh kabeh da jurus anu di pake ges ka tebak.pas di penta kitabna kabeh teu apalen.jadi ahirna anu baroga kitab nu 3 neangan nepi maranehna cicing di eta lembur teu balik deui sieun di tagih ku pagurona.ahirna bah giri ngomong deui pas papanggih sareng abdi manehna nanyaken
Bah giri: yi ari Ayi di ajar dimana gening tiasa ngobrol sareng abah.
Abdi : di ajar kanu hirup bah.
Bah giri : tah eta yi ...gning apal...
Abdi: apal atuh bah da abdina hirup pasti papendak jeng nu hirup deui nyaeta abah...
Ahirna bah giri...nyaritaken nu tadi.yen elmu nu kerdipake teh gabungan 3 kitab nu lengit ges eweuh jujutanana.tah kitu carita anu ku abdi di persingkat mugia janten lenyepan naon atuh nu ku urang Ker du ulik...kade cing tarabti..ulah asal asalan.dugi karuhun ge rewasen aya keneh nu masih di ajar elmu kabuhunan...Oh nya hiji deui supata teh eusina kieu : sing saha bae nu nenden eta kudu nu nyokotna sing saha bae nu make kudu nanggung jawab kena ieu tempat moal bisa caang lamun teu poek asalna.
wilayah gegerkalong baheula nyaeta:
1.Lebah tonggoh:kecamatan sukasari Curug Sigay Sersan Bajuri nepi ka perwatesan jeng negla
2.Lebah wetan nepi ka Ciwaruga perwatesan jeng Parongpong
3.Lebah kulon nepi ka Panorama
4.Lebah kidul nepi setra duta,setrasari dugika Sukajadi
tah kitu gening gambaran Gegerkalong anu ayeuna sakitu ramena aya DT,KPAD,TELKOM,jeung nu laina.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...