Minggu, 09 Desember 2018

BARANYAY


Sampurasun ngeclakna cai kana manah ngucurna mancur kanasakujur umur rehna urang bakal mayunan anu tos di payun ngadeuheus anu tos reu eus.rehna manah kedah maneuh, kedah panjeg dina dedeg,kedah kiat dina niat, kedah pancuh dina teguh,kedah gembleng dina hideng.tah eta kasifatan jalmi anu pengkuh dina kukuh,kiat dina niat.yen umur di ibaratken tutuwuhan umurna bisa di ciri ken,tanda bisa di tadahan,tah kitu estuning hirup manusa.saprak gubragna lahir kadunya manusa aya dina ka alfaan kahilapan,kahilapken. pasti totonden ciri manusana teu aya. saprak gubrag kadunya kedah milarian deui cirina manusa. sapertos kawas kajantenan- kajantenan ayeuna eta ti awal aya manusa dugi ka engke moal robih kawas kitu caritana. Ngan aya anu ngabentenken nyaeta manusana nyalira. Bakal kabawaken ku sakaba-kaba atanapi panjeg kadirina.sabab carita manusa kitu ayana. Iwal manusa anu mikir jeng yakin ka gustina moal kacandak ku carita.eta nu di sebat jalmi.jalmi anu tahan uji.di uji ku aji.di asah ku asuh, di sapih ku perih,di rawat ku kiat,di sipuh ku weruh, di jaga kunu boga.sok manusa tos dugi kanu mana?.sabab engke jaga bakal aya balitungan.sateu acan bilatungan mangga gera usik ku sidik,gera hudang ku caang,gera beunta ku menta.i wal kitu kaayana jaman eyeuna.iwal jalma anu teu daya upaya anu di tangtayungan.bade ka gerus ku jaman atanapi bade ngagerus jaman. sok bandungan ulah bandingan, sok tangtungan ulah nonggengan. Sok sing hareupan ulah nukangan.sabab di payun urang aya anu gaduh wenang.wenang na sanghyang wenang Alloh azawajala.sanghyang anu bakal nakonan manusa.sanghyang jati waluya darma sukma tranha jatna alam jagat raya.sok geura beresan diri merenahken manah nyuciken ragawi,nyuciken jamawi,nyuciken dina sausap rambut dugi satapak dampalna manusa.sabab sasih anu di singhareupan ayeuna anu bakal nyuciken manusa,anu bakal ngaluruhken sagala rupi rereged diri.wilijeng bebersih .... Supaya dugi kanu maha bersih.bersih hate,pikiran,raga,jiwa.eta anu bakal dugi.sanes anjeun nu sakitu lamokot ku kokotor.sabab saripati jeng sari hirup anu tiasa mayunan sarimahapati jeng sarimahahirup.sampurasun (dsa)....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...