KI LODAYA NYARITA
sampurasun
Dina dinten ayeuna simkuring nedunan kahayang manehna nyaeta ki lodaya.sabab sateuacana simkuring nolak di ajak cumarita ku anjena.da dalah kumaha kaula ngan bisa kumaula nolak oge teu bisa kukumaha. ahirna nedunan kahayang anjena hayang cumarita.
ki lodaya hoyong nyaritaken satria piningit.yen asal mu asal satria eta aya.di kawitan ku awalna manusa.nyaeta adam.satria awalna nyaeta sinatria atawa laga.karek jadi satria laga teh jadi ku raga.piningit awalna ku pingit.nyaeta anu di sumputken jadi di tembongken.mun dihijiken laga,raga,nyumput,nyata.eta aya dina diri mahluk pinilih.mahluk anu kapilih.tapi eta jadi lamun aya lara,rara,rasa,rahma jeng ngancik dina wi atawa diri.
temah wadi jati lugina mukta rasa mukta jiwa rahayuning sajagat alam nata. eta manusa awalna di gusti balik ka gusti.ceuk anjena anu apal pisan satria manehna cenah.sabab loba carita anu acan sampurna.yen gubragna adam kadunya di barengan jeng sang bara(iblis)dua mahluk ieu babarengan turun kadunya. are anjena (lodaya) nyakseni anatara sang cahya (jibril) satria(adam)sang bara(iblis).
tah didieu anjena apal dua kaelmuan anu kacida rongkahna.adam nyangharepan kaelmuan anu kudu di pilih sabab manehna mahluk pinilh. kahebatan adam didieu diuji.sabab manehna boga akal jeng hate. awalna adam angin-anginan,kapanasan,kabengberatan,katiisan.sabab ku kaolah jeng ka alaman.manehna jadi bisa ngendaliken dua kaelmuan ieu.nepi harita adam ngahijiken eta elmu nyaeta : 1.elmu cai atawa layang jamus / eunteung / cermin.
2. elmu taneuh atawa pancasona/ panca=lima sona=gelombang/geteran.
3.elmu angin sapta pangrungu/ sapta=10 pangrungu= gema/gaung/geteran sora.
4.elmu lempeuh lampah/supata/saciduh metu saucap nyata.
5. elmu sewu gudrat tunggal.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar