Gerhana matahari / Samagaha
Salam ....kasadayana
Terang teu aranjen dina kajadian dinten ayeuna nyaeta gerhana atanapi samagaha .seueur kajantenan anu kacida pentingna tukawit kisah Nuh,ibrahim dugi Muhamad.
Didieu aya carita anu mawa kaelmuan anu kacida jerona.anu nyambungken kaelmuan bulan bumi matahari.mun aranjen apal moal nepi hilap kanu gaduh na.
Yen gning samemeh apal ka gusti kedah apal ciptaana teras nembe kadiri na.
Mangga urang guar pembelajaranna.
1.NUH.
Keur harita nuh kengeng patunjuk yen kedah ngadamel parahu.tapi saleresna teu sagawayah kenging patunjuk eta.anjena ternyata pinter maca alam jago manco dina tetenjo.nyaeta gening anjena kenging elmu maca alam nalar saestu jagat.nyaeta pinter dina elmu perbintangan.awalna anjena merhatiken bulan, teras merhatiken panon poe.tah didinya anjena asal muasalna terang elmu perbintangan.teras ku anjena di larapken kana kajantenan di alam sakitarna.anjena kacida kagetna bakal aya kajantenan anu sakitu ageungna.saatos kitu kumaha carana mayunan kajantenan eta.geningan anjenateh pinter oge dina pepelakan,dina ngarancang bangunan,teras tiasa oge nyarios sareng tutuwuhan oge sareng sasatoan.saatos terang kitu anjena ngawitan ngarancanaken sadayana,di kawitan ngadamel parahu ngajak ka sasatoan anu kersa ngiring teras oge ngawitan ngempelken pepelakan anu tiasa di panen kanggo bekel engkena.tah geningan dideu kabaca jentre di kawitan ku nabi Nuh maca alam.maca diri maca gusti.jade we anjena pinter dina elmu astronomi,rancang bangun,bercocok tanam.dugi tiasa bahasa sato jeng pepelakan. Anu ku urang tiasa di baca yen ieu kahebatan olah akal,olah pikir,olah rasana.anu tiasa di sebat tos kabuka otak kenca sareng otak katuhuna.geningan sateuacan nabi nu sanes tiasa ngobrol sareng sato gening nabi nuh heula.dugi aya hubungana sareng dinten ieu nyaeta Nabi Nuh teh nembongan tadi teh.kedahna pas nembongan teh urang kedah ngado'a sukur ka gusti.nya eta kedah nganuhunken tos di paparin kanikmatan.Nuh-hun...hartosna sukur.jadi pantes atuhnya nabi nuh teh gening cara solatnateh sujud dugi saminggu nganuhunken ka mantena tos di salametken dina sagalarupa kajadian. Gening hebatna nabi nuh teh hebat dina prediksi,imajinasi,intuisi dugi kanu kun.tah didieu kahebatan nabi nuh dugi anjena kenging bahtera sareng elmuna.tah didieu ngawitan aya generasi make kahebatan akal fikirna.jadi sanes ramalan atanapi tarawangan anu asal tapi tos di etang sabener-benerna ku kaelmuan anjena.ceuk baturmah gelo eta pamikiran a.padahal nuh pinter anu teu aya hinggana pedah anjena tos apal yen panon poe aya dina katuhu bulan aya dina panangan kencana.jadi we dunya aya dina genggemana.tah kitu carita awal asal mula hebatna Nuh.
2.Ibrahim
Ibrahim du awal ge tos milarian gustina nyaeta ka bentang bulan matahari .teras anjena ge teu percaya yen gustina teh patung.teras anjena ngawitan milarian numana ath gusti teh.di ngawitan bentang bulan matahari bumi tur nu aya di langit di taros ku anjena
Sadayana ngawaler yen kaula mah ciptaana.
Ahirna ibrahim ngangken sadayana janten guruna.ieu carita atos di dugiken pada harita.candak enggalna dugi ibrahim guguru ka idajil sareng jibrilna.anu ahirna pendak sareng gustina nyaeta alloh ajawajala.anu antukna ibrahim tiasa nunduken sajagat alamna.pas waktosna ibrahim bade uih kamantena mulih kajati mulang ka asal.alam oge hoyong nyakseni dugi sadaya nu di alam dunya baris.sanes bumi bulan matahari wungkul nu sajajarteh tapi sadaya planet galaksi nu aya di dunya baris hoyong nyakseni anjena.tah kitu gening hubungan gerhana ieu .
3.Muhamad
Saestuna sagala rupa kajadian pasti aya maksad sareng tujuana di awal dugi ka ahir pasti aya maksadna ulah ka dugi ku pangarti wungkul tapi kedah kahontal oge ku akal.ulah nepi kadiri wungkul tapi kedah oge kabere nu rarame.di awal muhamad ahirna oge ku muhamad.awalna elmu di gusti pasti di sampurnaken nage ku gusti.kitu oge ieu carita,awal na nur muhamad ahirnage nur muhamad.awalna adam ahirna muhamad.carita gerhana ieuge nyaritaken kasampurnaan kaelmuan anu di pigaduh ku muhamad awalna nuh,ibrahim sareng nabi nu sanesna anu sami gaduh dasar elmu na.ku muhamad di hijibken di sampurnaken.ngan anu hebatna ieu muhamad anjena ngangge elmu anu kacida langkina nyaeta ngangge lemah lembutna.anu elmu ieu kacida agungna.anu teu aya babandingna.sabab elmu ieu anu pangluhur-luhurna.dugi sagala rupi mukjijat anu di randapan ku sadaya nabi aya di diri muhamadna.dugi sajagat alam dunya teu wantunen ka anjena(muhamad).Muhama ieu gaduh pangaweruh elmu ngaraba diri kunu suci karaba awak kunu nyeblak.sabab anjena apal anu suci jeng apal anu boga seblak(nyeredet)hate.sir tu asir.tos apal sagala rupi rijki gusti.matahari sareng bulan a di hijibjen dina dirina ku adegan solatna.anjena ngahijiken sajagat alam dunya di candak mayun ka mantena(alloh) erek dirina tur sareng umatna di kum ken di candak mayun ka gustina.tah ieu bentena sareng anu sateuacana.istimewa pisan lakulampahna.teu aya bandingana.tah kitu ieu carita anu teu acan aya carita ti samemehna.mugia jadi pangeling-ngeling ka diri pang emut-emut kanu manut.sok gera lenyepan larapken dina kahirupan buka alam mayapadana pake akal fikirna gunaken hatena hijibken dina kasampurnaan ahlakna larapken make kasaimbangan elmu pasti, intuisi,jeng lengkah anu nyinghareup ka mantena. Pake lemah lembutna jalanken rohman rohimna.sabab manusa anu bakal ngajalankena manusa anuges jadi manusa paripurna.manusa anu di kodratken janten pamimpin sajagat alam raya.jadigen diri na janten sanghyang jagat nata purna wisesa rahyang gusti perkasa.bral lumampah kasaantero jagat lumampahna.salam ka manusa sadayana...rahyang rasa jatining waruga madya seta...(dsa)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar