Sampurasun.salam ka sadayana anu sadayadaya anu teu gaduh daya sareng upaya .iwal mantena anu gaduh sadayana.sabab daya sareng upaya wajib hukumna.ibarat cahya jeng caangna,cai jeng segerna,sarengenge jeng haneutna, tah eta nu di sebat daya jeng upaya.silih asih sapihanean,silih asah sapikiran,silih asuh sabilulungan.teu tiasa di pilah pilah, teu tiasa di pilih pilih.
Upaya kedah di lakonan ,daya kedah di lenyepan.kedah sadupawilangan dasa,kedah saentep sereuh sawangun rasa,kedah salingkung banyu resmi.
Tah eta anu kedahna anu tos sawangun raga tresna guna riksa jeng lumigahna mulya jati sunda.
Uyub dina ngawangun Tetecean dina nincak kahirupan jeng sasama nonoman.
Sabab erek aya titian anu bakal nepiken kana sadaya daya.
Sabab sadaya aya anu anjena.sabab daya aya anu gaduhna.
Saha atuh sadaya....
Teras kedah kumaha atuh daya daya....
Sa daya daya....
Sok gera baca raga ,rasa,rumasa,cinta,...
Sabab didinya bakal aya teu walakaya...
Walakaya bakal jadi jalan jang mendakan anjena
Dina bisa jadi tiasa, dina jago jadi jaga,dina wiwaha jadi jumawa tah eta anu di sebatna balaga.
Tapi dina apal eta jadi terang ,dina sekeut jadi sekat anu balukarna matak cilaka.
Kedah kumaha atuh carana...
Nyaeta kedah ngariksa sirna raga..
Kedah ngareksa jiwa purna
Kedah kersa ngahujam manah lemah banyuna...
Nembe bakal pendak sareng sadaya daya...
Tah mangga lenyepan ..ku sadayana mugia aya dina tangtayungan anjena...sampurasun ...(dsa)..
Carita sang manusa milarian kasampuraan hirup kanggo nepangan Gustina Sang Hyang Widhi Wasa anu lebet tulisana :Pitunjuk, Pepeling, Pangalaman,Kapamanggih, ide-ide sang walatra.
Senin, 10 Desember 2018
Sadaya
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI dan logo SIBHARA supaya layak unt...
-
SAHA ANJEUN ? Sampurasun .... di kawitan ku nyebatken nami anjeuna anu kacida nyaahna bismilahirohmannirohim mugia urang aya dina ka...
-
Jembar Sampurasun kasadayana .... La tah jasada guna wisesa magadha lur makhasa da wajaka dur kasala ya ja ya jad ya jasad makarul...
-
Catatan @ Lembang, Jawa Barat "Kemarau" Dan ketika orang dalam posisi (kemarau) kekurangan mereka berlomba-lomba untuk berusaha ...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar