Senin, 10 Desember 2018

SAHA ANJEUN ?

Sampurasun ....
di kawitan ku nyebatken nami anjeuna anu kacida nyaahna bismilahirohmannirohim mugia urang aya dina kanyaah anjeuna.
Yen brehna lumigar sumirat sasubuhnaken bakal nyaritaken kahirupan nu bakal di randapan yen sumirat teh mapag panglakon lalakon nu bakal ngalalakon dina ngalakonan lalakon kahirupan.
Panglakon teh panglaku anu ngalakuken dina lalaku anu make lakulampah dina kahirupan.
Lakulampah teh nyaeta kalakuan anu di lakuken dina kahirupan.
Laku teh payu .payu teh hasil, hasil anu di hasilken dina hasil panghasilan nu di hasilken dina jerih payah ngahasilken dina kahirupan.
Hasil teh beubeuangan anu di beunangken dina beubenangan kahirupan.
Tah kitu gening ari nyurupken hirup jeng huripnanamah aya patali kait anu eweuh pegatna kitu ge hirupna manusa anu teu bisa pegat jeng sasamana ulah poho gara garana ku wiwaha ulah hilap gara garana ku tunggarana.tapi kedah emut ku panutna kedah inget ku bengketna kedah salaras dina larasana.kedah silih elingan ku eling kedah silih asah ku asahana kedah silih asih ku asihana silih asuh ku asuhana.ulah ngarasa baha da etamah wiwaha ulah ngarasa bisa ku basa ulah ngabibisani ku harti,bisi keuna ku sabaha baha cilaka di sebatna.kawas dinten ayeuna anu nangtuken saha anu tiasa tembus ka mantena nyaeta anu tos apal anjena sareng anjen.anu tis tiasa ngarukunken lima rukuna.tah nembe anjen tos apal anjena anu tos ngajirim anjen dina tatanan harokat darojat anjena.ulah ngarasa pinter,pangbisana,pangbenerna.sabab anjena tos sasarengan sareng anjen tong asal ngomong,tong asal nulis,tong asal ngalengkah sabab anjena jeng anjen tos sasarengan mun masih ngarasa wiwaha pek gera menta tobat ka anjena sabab anjen ges ngajalanken wenang anjena ges sawenang wenang.pek gera areling ulah galider da anjeuna tos sareng anjeun.salam ...dina tangtayungan anjeuna supaya apal saha anjen... bismilahirohmannirohim...(dsa).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...