PEUPEJEUH
Ditungtun ku *SANTUN*
Diraksa ku *RASA*
Dilatih ku *PEURIH*
Diasuh ku *LUNGGUH*
Diasah ku *KANYA'AH*
Disipuh ku *KARIPUH*
Taya nu gampang dina ngambah kahirupan.
*Anging tarekah nu dibarung ku du'a tina ati anu léah nu baris mawa kana kabagjaan.*
Nalika di alam kubur teu aya batur, *ukur amal nu baris nungtun.*
Ka sawarga atawa naraka, amal urang nu nangtukeun.
*Cinta ka dunya ulah kamalinaan, komo bari mopohokeun alam kalanggengan.*
Satemena di dunya ukur ngumbara, di ahirat kahirupan nu sabenerna.
*Tong sombong ku tagog, ulah reueus ku rupa, da eta mah bakal sirna.*
Kasép atawa geulis moal dipeunteun, ukur haté anu baris diajén.
*Paralun anu kasuhun, lain rék ngélingan batur.* Ieu mah ukur jang diri sorangan, salaku jalma nu pinuh ku kakurangan
*Mugia Alloh salamina nangtayungan urang, Maparin jalan pikeun ngadongkang kabagjaan, kalayan lungsur-langsar ngabalungbang*
*Nun Gusti nu maha agung, tebihkeun diri tina hianat, paralun tisoledat kana maksiat.*
Aamiin... hatur nuhun Gusti mugi maparin ridho kanggo abdi sadudulur ....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar