Cidadap
Sampurasunkasadayana
Sampara suna pura sunda
Di sebatken dina dasa warsa sarta babad carita Sundapura mahatasura digjaya Yen harita aya lalampahan para Sanghyang kasta Yudha Brahma pandita suna rahyang Raden Wijaya makulampah ditatar tanah dawa anu ayeuna Jawa. Anjena makulampah milari lemah Asta Prada Sewu banyu sagara.brasna dugi ka Prada lemah sancang mendakan rama gama Prabu Siliwangi anu miwarang milari ka kaler rada ngulon anu di awahan gunung sunda Barata Sunan menak.bral anjena miang.pas dugi ka eta wahangan anjena ratug Yen tempat eta kacida ahengna sabab di pinuhan ku tangkal dadap anu kacida éndahna di sasatoan macan.maung lodaya.oray.kuda dugi ka monyet aya didinya.dugi ka susukan anu kacida ngagulidag na.tapi anu anehna caina sok robah warna dugi anjena masihan nami cai paganti warni.tah didinya anjena tapa Brahma sunamakna Wisesa tunggal jati Sanghyang Widhi wasa.dugiken anjena kenging tongkat Magda Sewu banyu Seta anu aya nyambung jeng carita batu hajar aswadna.saking ku antengna eta Raden Wijaya di susulan ku sanghyang Silihwangi supaya lekasan tapana.tah kitu carita anu janten totonden asal ihwal muasal ayana cai anu kacida badagna anu aya dina wewengkon lemah neundeut wahangan tangkal dadapna.mugia janten pangeling-ngeling ka para nonoman anu keuna di dunya ayeuna
Sampurasun.... (Dsa)
Cidadap ieu gaduh sumber cai anu kacida ageungna dugi gaduh sumber cai di zaman purba nyaeta Tjibadak anu sumber caina nyambung jeung Gunung Tangkuban Parahu.
Wilayah Cidadap baheula:
1. Lebah Tonggoh perbatasan jeung Cihideung Gombong
2. Lebah wetan perbatasan jeung Dago
3. Lebah kulon perbatasan jeng Parongpong
4. Lebah kidul perbatasan jeung Babakan Siliwangi
![]() |
| Peta Cibadak dan jalur airnya |




Tidak ada komentar:
Posting Komentar