Pangeling-eling sateuacan dongkap bulan suci
Salam ka sadayana salam ka abadian dunya sarta aheratna.
Sakedap deui urang bakal kasumpingan tamu anu sakitu agungna nyaeta sasih anu kacida sucina.sabab sakitu agungna urang teh kedah ngabageakenage kedah titih burih kerta rasa lumigah manah sareng kedah tatan tatan ku riksa jeng reksa diri urang sadayana.sabab kanggo nyambutnage kedah sasasih teu acan dongkap eta tamu agung teh.kedah susuci diri ku pangarti kedah susuci manah ku genah.kedah susuci genah ku tumaninah.sabab tamu agung ieu bakal masihan barokah anu kacida ageungna dugi tamu ieu bakal ngadugiken mahlukna sareng mantena nu gaduhna.sabab urang katarosan ku tamu agung ieu, tarosanateh kabagi tilu (3) bagean.
1.waktosna tujuh dinten di minggon ka hiji,nyaeta narosken saha atuh diri urang kedah ka saha urang migusti, ieu patarosan maksadna kedah nyaksi ka diri sareng nyaksi ka mantena(alloh).
2.waktosna tujuh dinten minggon ka dua nyaeta narosken kedah panjeg emutan sareng panjeg paniatan teh saha nu ngiatkena,panaros ieu maksadna kanu kanggo ngiatken ka tangguhan urang dina kahirupan.
3.waktosna tujuh dinten minggon ka tilu.narosken deui mangfaat niat sareng kayakinana ka urang dina ngalarapken kahirupan dina papada manusa.
Teras kumaha sesa tina tilu minggon ieu.nyaeta sesa dinten ieu iwal mantena alloh azawajala anu turun langsung ngabingbing ciptaana kanggo ngengingken kabagjaan anu teu acan kabayangken ku urang sadayana.hartosna kabagi dua alam ari nu ka hiji dugi ka tilu ieu aya dina alam kahirupan ari anu sesana aya dina alam hirup atanapi alam gusti.tah ieu gening maksadna kedah persiapan heula teh sateu acan dongkap tamu anu istimewa teh supaya urang dina prungna tos sayogi jawaban anu bakal di tarosken. Sok mangga lenyepan,emutan,tarosken kadiri urang masing-masing tos siap teu acana.sabab anjena alloh bakal maparin kabagjaan anu kacida agengna dugi urang teu tiasa ngabayangkenage.sok gera hirup sateu acan di hirupken deui sok gera ngalengkah sateuacan lumpuh,sok gera ulik elmu pati sateuacan datang pati,sok gera seuseup sarina hirup sateu acan datang patina hirup.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar