Senin, 10 Desember 2018


Jembar


Sampurasun kasadayana ....
La tah jasada guna wisesa magadha lur makhasa da wajaka dur kasala ya ja ya jad ya jasad makarul dagha yaa baghasara ya bagashari.
Aya carita anu kacida pentingna anu kedah anjeun sadayana kedah terang.yen carita di ciptaken dunya teh make panata darma. make rantuyan asma make runtutan hurup jeng angkana.sabab mantena karesepna sastra.runtutan rantuyan asma anu kacida endahna.sabab asma mawa masa,sabab asma mawa sama.mantena resep kaendahan.sabab satiap anu di ciptaken mantena teu aya anu teu endah.sadayana gaduh kaendahan sadayana gaduh hirupna.mantena hoyong kaendahana nerap ka ciptaana.tah didinya aya susunan aya sasanan aya sesenan.jadi weh mantena aya tahapan dina ngajalanken ,aya tahapan dina nerapken,aya tahapan dina ngelmuken,aya tahapan dina ngamalken.sabab mantena resep kaendahan.di sebarken we ka panjuru alam jagatna.supaya di susun ku sanghyang jagatnata.supaya papanggih jeng sanghyang nata gelar.supaya bisa ngajadiken sanghyang jati.sabab mantena resep kaendahan.hoyong nerap ka ciptaanana.sabab ka endahan ciri mantena.sok gera larapken dina kahirupan aranjen supaya runtut raut sauyunan gemah ripah kerta raharja wibawa mukti . kedah pas dina titian nincak dina tuntunan.ulah asal dina lengkah.ulah usil dina sir.ulah wegah dina manah.sok gera susun ku angka jeng hurupna sabab manusa aya di antarana.kade ulah asal make angka kade ulah usul make hurup lamun aranjen teu make hirup jeng hirupna.sabab angkahurup sami sareng hirupjeng hirupna.sabab mantena resep kaendahan.tah eta sadayana teh anu di sebat jembar.jembar elmu lantaran amal jembar harta lantaranan derma jembar manah lantaran maneuh .sabab mantena resep kaendahan.sok gera susun kahirupan ku hirupna.sok gera damel kaendahan di diri aranjen.sabab mantena resep kaendahan.(dsa).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...