CARITA KUJANG SAKEMBARAN
Ieu carita pangalaman pribadi dina poe jumah tanggal 23 9 2016
Dina hiji kajadian dina carita ieu di bejaken yen samemeh prabu Siliwangi tilem yen paranonoman teh boga pangabisa anu kacida ahengna nyaeta dina elmu pepelakana,elmu bangunana,elmu agemana,elmu kasaktiana dugi dina budayana tapi harita masih make ageman hindu tapi anu ges di olah ku jajaran nonoman ka adiluhungan parajajaran.dugi dina ieu carita siliwangi jeng rahayatnateh aya dina aya kerta raharja tata tentrem lohjinawi.dina pondok carita yen asupna ageman islam anu datang maksa para rengrengan nonoman siliwangi embung aya dina paconggregan riributan anu ngabalukarken perang jeng barayana sabab siliwangi boga ageman anu ges aya dina puncakna elmu kamanusaan daripada riributan mendingan ngelehan dugi anjenateh tos nyarios yen ageman islam teh sarua anu kerdijalanken ku anjena(siliwangi).tapi dasar kudu kitu lalakona dugi kaluar uga siliwangi dina lekasana anjena masihan pilihan ka rahayatna ngabebas erek naon wae pilihana.anu milih ka kaler arasup islam,anu kakidul jadi rahayat sajalantrahna,anu ka kulon nyokot ageman wiwitan bareng jeng siliwangina,anu kawetan nyokot ageman wiwitan oge ngan teu bareng jeng siliwangi.tah didieu aya carita tarilemna sakabeh rahayat jeng rajana.anu kawetan caricing di hiji pulauna anu di sebat bali anu ka kulon caricing di tataran sunda pang ujungna.tah didieu aya carita anu di sumputken ku siliwangi yen gening kaelmuan kujangna ka bagi dua sabab para nonoman elmu kasanghiangan kabagi dua aya nu ka wetan jeng aya nu ka kulon.jadi we kujangna ka bagi dua anu di sebut elmu kujang sakembaran.tapi sawaktu waktu eta kujang bakal papanggih deui duana bakal ngahiji deui.ayeuna urang guar hiji hijana eta kujang.
- kujang ieu anu di piboga ku sanghyang widi waseu.anu di agem ku wastana:
1.dirgeu
2.made
3.mahesa
4.tantra
5.dideuk
Tah lima ieu anu cikalbakalna ngarobah kahirupan di bali.
- kujang anu di piboga ku sanghyang widi wasa.anu di agem ku wastana :
1.kusumah
2.pakuan
3.puputan
4.mundingan
5.daleman
Tah ieu nu ngarobah tanah sunda ayeuna.
Yen ieu carita lain ngarobah carita anu ges aya tapi ieu mah pangalaman pribadi anu kudu du guar naon anu 5-5 tadi..sabab duana make cakra nyaeta : cakra wisnu jeng cakra wisesa.lamun dua cakra ieu di hijiken bakal jadi cakra manunggal pamanah rasa sanghyang tunggal.papanggihna dua kujang sakembaran tea.anu papanggihna dua kujang ieu bisa ngabalukarken ges eweuh anu bisa nandingan kasaktenanana.kabeh kahirupan bakal ilang sirna ges eweuh kahirupan iwal mantena anu ngadeg di sajagat alam nirwana.ges eweuh tandinganana ges sakten sadurung winara.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar