Senin, 10 Desember 2018

Pangeling-eling


alam lumigai salam lawamah salam raketa salam ka sakerta alamna.dinten katukang nu bakal di sawang dinten ayeuna anu karandapan dinten payun anu bakal dipayunan.sadaya kajantenan tos aya caritana sagala nu karandapan tos aya seratna.sagala nu kaalaman tos aya kalamna.tapi aya gening anu henteu aya caritana,seratna,kalamna naon atuh.nya eta usaha atanapi ikhtiar di sebatna.anu bakal ngarahken kana carita,serat sareng kalamna.usaha anu bakal mawa kana kekal.sok gera emutan ku emut sok gera hudangken ku hudang sok gera riksa ku kersa sok gera hirup ku hurip.sabab sagala rupa oge aya rupina.tong cicing dinu genah tapi kudu mernah dina maneuh. Sabab genah kudu tumaninah.kedah raray nying hareup kapayun manah kedah maneuh.panangan kedah namprak ka handap.sampean kedah kepat lengkahna.ulah kepat harianen.ulah benget nyinghareup ati mungkir.sabab bakal aya nu dipayunen jeng aya nu maneuhken.nyaeta adegan nu pangadeg-ngadeg jeng nu boga adegan.sok gera ajeg ulah lempeuh pangacian.kudu lumigah manah tur caang padang pamikiran.tong hariwang teu aya nu nyarengan sabab tos sasarengan jeng nu parengken.pareng nu ges manggihan pangersa anjena.anjena anu nganhiji-hijina.tong ham-ham hariwang sanajan loba anu ngawagelna.sabab wagelan bakal di jieun kakuatan jang ngalengkahkena.jadi bahan jang nyampurnakena.kudu boga kahayang ka sanghyang.kudu boga jangji nepi ka nabi.kudu boga jati nepi ka diri.kudu boga diri nepi ka gusti.mugia pangemut ieu janten emutan ka sadaya diri anu kedah gugah jeng pasrah kanu rahna manah.(dsa)salam muludan nawang sakra nabina.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...