Minggu, 09 Desember 2018

10 muharam

Sampurasun...
Salam kawaluyaan salam ka genahan
Salamuna rakata dungha basa tranha sakhalmadha waa...waaja alna .
Sanghyang widhi niti wanci sanghyang durga mawa rakata paeh mawa batangna ulah ngarasa genah lamun can ngasaan genih ulah wani nangtung lamun acan tanggah tong wani nindih bilih ka lindih tong hayang harta mun teu kaharti sabab aranjen aya dina rugi niti wanci ,aya dina rugel nenden dinten.
Sabab aranjen ekeur nincak dina jaruji,jaruji nu aya dina diri.jaruji anu kedah di titiwanci.anu kedah di cacah ku parancah, anu kedah di reuceuh ku pangjeujeuh.pangjeujeuh anu jadi ku peupeujeuh.sok geura wani ku wana.sok gera wawuh ku meper wiwah.paehken pati supata.supata nu nata kertanata gama.bejaken pati ku sari,bejaken sari ku hirup.wawarken ewar ku warta,bejaken warta make sanghyang jayatining rasa.hirupken pati ku sari,sari nu aya dina hirupna.sabab papasten moal wani mun ker aya sarina rasa.gusti moal ngapateni nu boga sari diri.sabab geus eweuh deuianu rek bakal di papateniken iwal anu mapatken aji kaluhungan kaweruhan nya elmu papati.wawuhan banyu wawuhan geni wawuhan bayu kedah ngahiji jeng bumi supaya apal kanu aapalan caraka carita dayeuh gustina.kajadian anu ekeur karandapan bakal nyakseni kana diri.sabab alam usik eta usikna diri,sabab usikna diri eta usikna alam.tah eta anu di sebat alam anu di wenangken anu ges sagala rupa anu asalna teuweunang.wilujeng niti wanci janarining diri(10 muharam)salam....dsa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...