PASRAH
Dikawitan ku nyebat anu kagungan urang sadaya nyaeta sanghyang wenang Alloh Azawajala anu nangtayungan urang sadayana dina sagala rupa ka alpaan ka sarakahan ka jumbawaan.haliwirna angin di palih kaler dugi ka palih landeuh,dalingdingna angin mawa nyambuangna wawangi hirup anu matak genah kana manah sabab aya makna di Jero na nyaeta makna hawa hirup anu janten panglenyep ka diri yen ulah hilap kanu napas diri moal leupas kanu napas hirupna nu masihan hawa hirup kaurang sadayana.sabab napas aya patali kaitna jeung napsu.napsu aya patali kait jeung kahayang.napsu ieu kedah sawirahma,sawiraga,sajiwa.sabab ieu nu di sebat jalmi anu tos saweruh sadurung winara tea.anu tos gembleng dina nanjerken dina bebeneran hakekat,sareat hakullahna manusa.ngajalanken bebeneran lain kabeneran tapi tos apal ku pangaweruhna elmu kamanusaan.sabab aya ku musabab,takdir jadi ku diri,kahayang ngawujud kenging widi ku sanghyang, supaya urang dugi ka sanghyang sareng di tempatkeun di kasanghyangan.anu di jajarken dina tatanan para kahyangan,anu cicing di tanah datar parhyangan.sadayana tadi peryogi kakiatan,kateguhan,kawengkuhan,kasabaran anu kacida ageungna,Pasrah disebatna.janten maksad pasrah ieu nyaeta teu walakaya.pasrah ieu mun di guar bakal kacida jerona.pasrah ="pas" dina "rah".janten urang teh kedah pas dina tatanan rah(ruh).sawirahma,sawiraga,sajiwa ieu moal sampurna lamun teu di sarengan ku "rah" atanapi "ruh"na.moal gembleng di sebatna.pasrah lain epesme'er,lain elehan,lain belikan,lain teu boga kawani tapi tos sumerah ka mantena ieu nu di sebat iman tea.kade lain harta,tahta,jabatan anu bakal kapayuna bakal ngayoman urang di alam balitungan tapi amal anu bakal nyakseni.sok gera emut...emutan...pangemut-ngemut... supados...janten manusa pinilih jati guna sukmaraga reksa jiwa tunggal bhakti diri.(dsa)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar