Minggu, 09 Desember 2018

ROMADHON DI TAHUN 2017




madhon 2017 [22/5 3.14 PM] affan: Bismilahirohmannirohim Urang bubuka heula d grup ieu sakedik ngulas heula ka awal sateu acan dugi ka puasa.nyaeta : sahadat,solat,zakat,puasa,haji [22/5 3.24 PM] affan: Urang guar heula ti awal: Sahadat Hartosna nyakseni atawa nyaksi.nyaksi ieu aya dina sifat anfal. Sifat anu wajib, anfal ieu maksadna anu di jero katinggal dugi kaluar. Dugiken bakal ngajawab saha dzat? . Saha atuh dzat... Sahu atuh nu gaduh zat. Iwal nu hiji nu gaduh dzat nyaeta Alloh swt.tah didieu ngadeg pangadeg. Tunggal pa tunggal tunggal.ieu nu di sebat nyaksi sareng nyakseni.tah nembe we di angket atawa di aku.sabab AKU kudu di aku.ieu lengkah awal anu kedah urang faham sahadat? Dugi urang ngaku Aku.ieu nu sebatna saksi. Janten satiap waktu urang bakal di sakseni atawa di saksian ku Dzat.tingkahlaku paripolah urang aya anu nyaksian nyaeta Aku jeng aku.antara gusti jeng urang sotangan nu nyaksi.ieu matakna di simpen pang awal na pang mimitina sabab ieu nu bakal nangtuken hasil satuluyna atawa salajengna. [22/5 3.38 PM] affan: Sholat Solat nyaeta awal kata dina kata : soluh,solah,solih,salah.hartosna ieu kata tadi ngawakilan kalakuan lakulampah urang atawa manusa sadayana.kabeh kakuan aya dinu solat. Sabab eusi solat jang urang lain jang gusti.sabab solat ngawakilan kalakuan urang. Pasrah,sadrah,sumerah,teu walakaya eta eusi solat mayunan mantena.so...lat So ngawakilan makna : kudu,jadi,lengkah, dsb. Lat ngawakilan makna: latih,latihan,coba,cobaan,perjalanan,arah,tujuan. Tah didieu urang kedah apal maksud tujuan solat urang.hayang kapuji ku batur atawa urang butuh solat?. Balikenka diri urang masing-masing.niatna... [22/5 3.46 PM] affan: Kanggo zakat sareng puasa bagean kang adang. [26/5 12.48 PM] affan: Di ngawitan ngucapkeun innahu minsulaimana wainahu bismilahirohmannirohim.sa ba'da jumaahan gusti Alloh muka gerbang Arasytawa na dugi para malaikat ngabaris bari marahmay kacida pasemuna ngabageaken ngagupay ka para nonoman manusa anu bade dongkap ka pasemoan terasna Alloh. Sing saha wae anu bade dongkap .Alloh miwarang ngabentangken jangjang atawa sayapna para malaikat di piwarang ngabantos.malaikat ridwan tos ngawitan nutup panto naraka.malaikat malik tos muka panto sawarga. Para setan nyumput dina kelekna iblis.hawa sawarga tos nyambuang ka lemah cai.ieu tos waktosna urang sadayana siap-siap ngabageaken dongkapna saum di kawitan sok gera lafadkeun,hirupken,zikirken "salamunkaula mirobirohim" urang bageaken dongkapna ieu sasih anu di antos-antos.(dsa) [26/5 12.53 PM] affan: Dugi Muhamad adzan di langit ka 7 tembus kanu manah urang sadayana mangga raosken we kacida nikmatna [27/5 10.30 AM] affan: Sahadat 9 Inahuminsulaimana wainahu bismilahirohmannirohim - al ikhlas- Yahu ya alloh yahu ya rohman ya rohim ya hu ya alloh ya robul izati.ya hayu ya koyum ya zaljalalil walikrom ya alloh ya huwa ya alloh ya robal alamin. ya alloh ya adam ya hawa - sahadat- ya nur alloh ya nur muhamad cahaya hirup abdi .....(sebutin nama sendiri) [27/5 6.37 PM] affan: Sampurasun ingsuning rahayu jagat lumanguh nunduk pasrah nangadah ka saestuna gusti nu nunggal... Pepejeuh sinten ayeuna nyaeta mangga gera netepan,mangga gera teteupan,mangga gera teteup sabab pasti aya anu nuju neuteup...nyaeta gusti sang hyang widhi Alloh asmana ...(dsa) [27/5 10.32 PM] affan: Sareng nyebatken asmana alloh azawajala yen wengi ayeuna ibrahim masihan wejangan di lapis langit ka 3 .yen anjena nyaritaken proses ngadamel eta manusa.proseana 1000 tahun lamina nu ahirna di tiupken ruh ku alloh ka eta waruga manusa.carita ti awalna kieu. Sateuacan ngadamel manusa Alloh tos nyiptaken alam sareng jin katut mahluk nu laina.dina hiji waktos Alloh ngempelken ciptaana sadaya.yen ngumumken bade ngadamel anu di sebut manusa.kabeh sadayana ngawaler nyanggeman tapi malaikat jibril sareng iblis naros ka gusti. Jibril naros ka Alloh naha make di jieun manusa sagala padahal ieu mahluk nu bagal ngancurken alam, Alloh ngawaler kieu, hei Jibril ulah ningali balukarna nu goreng sabab lamun ningali nu hadena anjeun ge bakal rewas.sabab manusa ieu bakal jadi mahluk anu sampurna sabab ieu manusa bakal leuwih taat di bandingken malaikat, bakal lewih sakti di bandingken iblis. Pas ngadangu kitu jibril manut ka gusti.pas bagean iblis naros manehna nyarios naha make nyieun manusa pan engges anu sakti mah kuring anu di jieun tina seneu.gusti ngawaler hei iblis anjeun acan jadi mahluk nu sampurna sabab ngan hiji bahan dina diri anjeun.ieu manusa bakal lewih pinter jeng lewih sakti alabatan anjeun. Saatos kitu di ngawitan weh ngadamel manusa sung saha wae di kengengken asup kanu waruga eta manusa, ti mimiti sasatoan,bintang,planet,angin,cai,seneu jeng sajabana arasup kanu eta wadah nu di sebut manusa.ngan hiji anu acan asup teh nyaeta taneuh. Pondok carita gusti tos miwarang ka para malaikat supaya manggihan bumi.tapi eta bumi keukeuh alim.paa ahirna Alloh miwarang izroil mayunan eta bumi.pas panggih izroil jwng bumi gelut kekeuh izroil eleh ku bumi.laporan ka gusti yen bumi alimen.langsung we gusti nyauran bumi.Hei bumi naha anjen keukeuh embung miken saripati anjeun ka manusa.bumi ngawaler, duh gusti abdi sanes nyawad parentah anjeun tapi ieu manusa bakal ngotoran kaula,ngaruksak kaula, bumi alimen intinamah.alloh ngawaler Hei bumi apal teu anjeun saha anu bakal mawa anjeun ka kaula saangger ahir jaman. Eweuh kabehge nu bisa mawa panggih ka kaula iwal manusa anu ku kaula di pikahayang anjen moal panggih deui jeng kaula lamun teu ngesi di manusa, si bumi kaget teu apal ,ahirna bumi sanggem masihan saripati taneuh ka manusa. Saatos 1000 tahun jleg janten manusa ,sadaya mahluk ciptaan gusti di piwarang sujud ka ieu manusa, sadayana sujud iwal iblis anu teu sujud bari nyarios ka gusti, duh gusti naha kedah sujud padahal mah sami ciptaan anjeun dina kapinteran kaula iblis lewih pinter,dina ibadah kaula nu lewih rajin naha jadi robih janten manusa anu lewih mulia.alloh ngawaler ka iblis ieu wujud mahluk anu ngawakilan sajagat alam raya. Sabab kabeh ciptaana aya dina ieu manusa.si iblis kekeuh teu nampi.tah di saprak harita iblis di laknat janten mahluk nu ngabangkang ngelawan parentah gusti sabab ku sombong. Tah didieu ibrahim ngawartosan ka manusa yen manusateh mahluk pinilih gusti.sabab didinya ngancik nur muhamad di jerona.dugi ibrahim nyarios cing yakin ka diri.tah sakitu carita dinten ieu mugia aya mangfaat kanggo sadayana.... Tiasa ngayakina kadiri masing-masing. [27/5 10.38 PM] affan: Yahu ya alloh ya rohman ya rohim yahu ya alloh ya robul idzati [28/5 8.57 PM] affan: Sareng nyebatken asmana alloh nu maha pangasih... Kanggo wengi eyeuna nyambung tina cariosan nu kamari masih di langit ka 3 ibrahim bade ngaguar kisah iblis. Di ngawitan carita ieu mahluk ciptaan gusti anu kacida unikna.iblis ieu di ciptakeun dinu seneu anu kacida panasna nyandak saripati seneu nage nyandak di 666 panon poe anu aya di jagat alam raya.sateu acan nyiptaken para jin iblis hula di damelna sateu acan sasatoan iblis heula di damelna.ieu iblis di damelna kaetang enggal nyaeta dina waktu 1000 bulan. [29/5 1.36 AM] affan: Ieu mahluk kacida sakti,pinter,taat pisan ka Alloh. Dugi ahirna gusti ngadamel manusa si iblis ngolesed pamadegana ku sombong.dugi manehna jangji erek ngagoda ka manusa jeng ku gusti di hempeken. Da kudu kitu caritana.tapi ibrahim ieu masihan terang rahasia ieu mahluk. - manehna ngadegdeg lamun manusa nyebutken asma" alloh - ngarasa nyeri lamun manusa dina sujudna meredih atawa sumerah ka alloh -paling ambek ningali manusa ngalakuken parentah atawa ngamalken kahayang gusti - teu bisa asup mangaruhan ka manusa anu ges make hatena -paling hoream ngadenge adzan -teu resep ningali manusa silaturahmi bari ngucapken salam saling du'aken -teu bisa dahar da zikir satiap usikna manusa -atoh pisan ningali manusa acan kawin -ngiluan dina hubungan senggama lamun teu inget gusti Alloh -manehna atoh ningali manusa ngurus harta riba -paling tarik ngaharewos supaya ngewa ka sasama manusa -ngagedean warugana lamun manusa ngalajur nafsuna -paling ngewa kanu puasa -paling resep ningali manusa poho kana sagala ngan ngurus anak pamajikana -manehna atoh kacida ningali manusa mateni sasama jeng maehan diri sorangana. Tah eta mimitina gubrag "ta'ud". Mugia urang sadaya ulah lebet anu aya tulisan tadi. Audubilah himinassaitonirozim.... [29/5 3.56 AM] affan: Rahasia anu acan d guar [29/5 1.10 PM] affan: Jadi ieu rahasia naha iblis alim sujud ka manusa.maneh ges apalen ka hebatan manusa. [31/5 8.00 PM] affan: Nyambung carita kamari dinten kamari sareng ayeuna teh nyaritaken proses gubragna adam ka dunya [31/5 8.10 PM] affan: Nyambung carita saatos adam si jantentenken manusa manehna cicing di sawarga pondok carita adam tos gaduh pasangan hawa ... teras ngalakuken kasalahan ... Pasti tos arapal... Gubrag we ka dunya. Mimiti nincak tanehna di tatar taneuh anu rata. Waktu harita taneuhna kacida suburna. cirina teh adam pas turuna d tengah-tengah bumi pas sajajar jeng panon poe (khatulistiwa) anu harita di sebat taneh nyalindung. Taneh anu nendeut. Tah didieu adam ngahelas ka gusti " duh gusti abdi tos ingkar ka diri,tos ingkar ka gusti nyuhunken hapunten caang jalan anu lempeng."robana dolamna wa ilamtagfirlana watarhamna lanakunana minal hisirin" tah ieu zikir pang mimitiana pisan aya di dunya anu d ucapken ku manusa. [31/5 8.14 PM] affan: Teras dina carita ieu aya pepelakan jeng batu nu ngilu adam turun ka dunya nyaeta tangkal kai anu kacida sengitna jeng kacida boga mangfaat jang kasehatan manusa, batu hajar aswad, teras manuk anu kacida pinterna. [31/5 8.15 PM] affan: Manuk ieu warnana kacida hurungna buntutna kacida endah jeng panjang [31/5 8.16 PM] affan: Manuk ieu di ibaratken cahaya anu ngabelesat hurung [31/5 8.16 PM] affan: Tah 3 barang ieu bakal nyambung kana carita carita nabi nu laina [31/5 8.47 PM] affan: Saparak gubrag kadunya adam ka pake elmu alamna,elmu bintang,elmu cuaca,elmu peta,elmu teknik bangunan,itungan, jeng nulaina [31/5 8.49 PM] affan: Janten tis kuduna kitu adam kedah kadunya supaya kapake kapinterana jeng s uji kayakinana [31/5 8.50 PM] affan: Ciri kai d surga aya di kalimanatan [31/5 8.50 PM] affan: Ciri batu aya d arab [31/5 8.50 PM] affan: Ciri manuk aya di sulaiman [31/5 8.51 PM] affan: Jadi tempat turuna adam aya di Indonesia [31/5 8.51 PM] affan: Papendakna deui sareng siti hawa si arab [31/5 8.52 PM] Aji Yama: Subhanalloh Tapi phoenix lewih terkenal di legenda cina. Naha cina nya? [31/5 8.52 PM] affan: Kan cina masih sapulau jeng Indonesia pada haritamah [31/5 8.53 PM] affan: Sunda besar [31/5 8.54 PM] affan: Tempat adam jeng hawa cicing na di antara eropa jeng afrika [31/5 8.56 PM] affan: Jadi rosul tos apalen yen bangsa asia indo cina di pasihan kapinteran lewih dugi tis terkenal bangsa anu tos maju peradaban na (atlantis) lain cina tapi indocina [31/5 8.58 PM] affan: Janten pada harita adam tawaf pertama ngulilingan bumi mapay katulistiwa [31/5 9.00 PM] affan: Gaharu teh hartina satia [31/5 9.01 PM] affan: Hajar aswad hartia kayakinan [31/5 9.01 PM] affan: Manuk hartina elmu pamimpin [31/5 9.02 PM] affan: Jadi 3 ieu teh anu sapopoe ku adam di diukan di ajak ngobrol manuk, jeng tempat nyarande tangkal kaina [31/5 9.03 PM] affan: Peer adam teh elmu pamimpin,kayakinan,kasatiaan [31/5 9.04 PM] affan: Robana dolamna wailamtagfirlana lanakunana minal hosisrin [31/5 9.04 PM] affan: Watarhamna / tamabahanan kalewat 😬 [31/5 9.11 PM] affan: Tah teras pada harita di jajalenen adam di rencangan ku maung lodaya [31/5 9.13 PM] K Rahmat Tangsel: ROBBANA DHOLAMNA ANGFUSANA WAiLLAM TAGHFIRLANA WATAR HAMNA LANAKUU NANNA MINAL KHOSIRIIN [31/5 9.17 PM] affan: Tah posisi solat adam teh gerakan 1 [31/5 9.17 PM] affan: Badan tegak tangan d rapatkan di dada [31/5 9.18 PM] affan: Bari maca eta [2/6 12.41 PM] K Rahmat Tangsel: Kunaon solat jeung sabar sok babareungan wae. Sabab solat teh hese kang. Jadi kedah sabar nalika solat. Solat nu sabenerna teh nyaeta ngadeg. Ngadeug keun pamanceug teh hesena kacida pisan, makana kedah dibarengan sareng sabar. Ari sabar teh biasana sok aya ujiana. Matak saur rasul, mun hoyong ninggal sae henteuna ahlak hiji jalmi tinggal wae dina solatna. Ari solat teh kedah tiasa nepi kana manfaatna nyaeta amar ma'ruf nahi mungkar. Pami teu acan tiasa ngajauhan amar ma'ruf nahi mungkar mah t acan tiasa disebat solat. Sabab intina solat teh ngajauhkn tina sifat keji sareng mungkar. Sedangkn eta sifat teh nu gaduhna si setan tea. Maka jalmi nu solat kedah tiasa ngalawan hla si setan eta, supados teu di harewosan ku setan nalika dina ngadeugkn solat. abi oge nuju diajar keneh kang solat nu leres teh siga kumaha. Sabab nalika urg solat teh kedah aya getaran/frekuensi nu tiasa nembus dugi kanu hirup. Getaran/frekuensi eta anu kedah dilatih, diantarana ku solat, puasa, dzikir jeung sajabana. Panginten sakitu ti abi. Mangga nu sanes kedah nambihan... [2/6 12.51 PM] affan: Sabar=ngendaliken hawa nafsu=ciri iman.sholat=prilaku=manusa=taat=patuh [2/6 12.55 PM] Aji Yama: jadi urang teh sadayana diajar saleresna diajar frekuensi nu nyambung ka nu Hirup? [2/6 12.56 PM] affan: Sabab urang ayeuna acan jd manusa [3/6 8.38 AM] affan: Sampurasun Yen Babasaan kedah di unggang cariosan kedah di rasaan omongan kedah di jaga.ieu teh sakedahna.Sabab basa anu bakal nepiken kahayang,carita,nerangken.tah didieu basa teh urang kedah tiasa.hade goreng ku basa.sabab basa bisa nyaangan jeng nyaangken.urang moal bisa caang sabab teu aya anu nerangken.neran [3/6 11.21 AM] affan: Nerangken=nerang=terang=caang=nyaangan=elmu. Tah kusabab kitu basa teh panyambung elmu.moal dugi elmu lamun teu ku basa.janten kitu di awalan ku basa sadayana nabi rosul kedah tiasa maca.ieu nu di sebatnateh kecap.kecap dina ucap,u cap dina laku,laku dina lampah,lampah dina basa, tah kitu puteran elmu di sebatna kade ulah kaputer elmu tapi elmu di puter ken ku urang. Sabab ilaharna sok kaputer ku elmu seseueurna.omat elmu dugina ku basa.tapi kade di tukangen basa aya : asam/haseum,pait,amis,asin dugi teu aya rasaan.sabab basa hirup ku rasa.rasa ieu anu ngahirupken basa.mun teu make rasa basa na janten basi moal hirup,teu gaduh harti/makna.tah kukituna kanggo ngalatih basa teh ku bisu.baham balem rasa nu ngomong.ngalatih basa ku bisa,baham ngomong rasa ngahiji jeng omongan.tah kitu saur adam waktos harita bingung ngaraga meneng kedah kumaha awal nincak ka bumi waktos harita.anjena di ajar basa.nyaeta ku maca: alam,maca diri.janteh we anjena ngangken jalmi anu janten rajana jalmi.jalmi nu tos janten manusa. Cekap heula sakitu... Sampurasun... [5/6 8.20 PM] affan: Inahuminsulaimana wa inahu bismilahirohmannirohim [5/6 8.26 PM] affan: Di sebatken dinten ayeuna yen carita di gentos kana kisah titincakan nabi sulaiman. Ayeuna naek ka langit 4.langit ieu aya nabi isa jeng haidir.tapi yen aya carita sulaiman anu nyambungken ka isa jeng haidir. [5/6 8.27 PM] affan: Kanjeng sulaiman bade ngaguar rusiah anu salami ieu teu acan aya nu nyaritaken [5/6 8.39 PM] affan: Salamun kaula mirobirohim.... Kanjeng sulaiman bade ngaguar kisah jantena anjena janten jalmj pinilih. Sulaiman di lahirken di kulawarga anu cukup kayaana.tapi pas bade lahirna di sahih ka opat nuju ngadeg aya kajadian aneh nyaeta satiap jam 5 subuh ibu na ninggal cahaya ngabelesat di arah kulon ka wetan, eta kajadian teh terus kaalaman dugi kasasih 8.pas sasih ka 9 di luhur bumina cuga aya manuk anu warnana kacida endahna muter ngulilingan imah. Dugi pas lahirna. Lengit tah eta manuk. Aya ka ahengan pas lahirna, sakabeh sasatoan di sarda, langit kacida endah sulaiman gubrag kabumi pas panon poe karek bijil dina sela sela gunungna. [5/6 8.41 PM] affan: Pas lahir eta bumina sulaiman di kulilingan ku sasatoan.pas cerik eta orok kabeh sasatoan ngilu di sada matak eundeur karasana. [5/6 8.43 PM] affan: Pondok carita satiap sulaiman ceurik pasti aya sasatoan anu ngungilu si sada. [5/6 8.45 PM] affan: Ulin kamana wae pasti aya sasatoan nuturken.pas nincak yuswa 8 tahun kasumpingan ku jalmi anu ngangge salendang hejo. [5/6 8.50 PM] affan: Sulaiman dina yuswa masih alit keneh di candak ku jalmi anu ngangge sorban atanapi salendang hejo ateh gening haidir. Eta jalmi sareng sulaiman pamit ka indung ramana yen gaduh pancen tugas anu kedah di ulik ku sulaiman. [5/6 8.55 PM] affan: Ku haidir eta sulaiman di candak ka langit, ka gunung, ka laut, ka jero taneuh, ka jero Curug. Pas dugi di jalur tengah bumi mun ayeunamah garis katulistiwa.duaan eta mendakan puseur angin anu gaduh wasta "jamus aing" eta angin jeng sulaiman aya caritaan anu pasti sadaya bakal ngertos naha bisa akur antara manusa jeng alamna. [5/6 8.57 PM] affan: Sabab angin namina susah di ucapken ku sulaiman da sulaiman teh letahna rada pondok janten weh nyebat nateh " musong " ka eta angin teh. [5/6 9.02 PM] affan: Mun ayeunamah "Muson" obrolan na teh kieu nu pada intina yen angin nanyaken ka sulaiman unsur naon anu aya di eta angin teh, di waler ku sulaiman teh kieu. Unsur sari pati nur hyang jagat nata, nyaeta unsur hyang hawa anu bisa ngendaliken renghapna dada nu bisa nyieun raga manusa bisa ngahyang hirup di dunya ayeuna. [5/6 9.03 PM] affan: Tah pas kitu tis ngadangu waleran eta angin ngagumuruh " inahu... Inahu.... Ya sulaiman". Anu hartosna bener.. bener ... Anjen ges apal yen anjen nyakseni ka gusti ya sulaiman. [5/6 9.04 PM] affan: Tah didinya aya doa "inahuminsulaimana wa inahu bismilahirohmannirohim" [5/6 9.07 PM] affan: Tah uih deui kana nami "jamus aing" eta nami angin anu kedah di pikaterang ku sadayana yen eta teh hartosna "jasading waluya jati rahuang hawaning urip manusa" [5/6 9.10 PM] affan: Tos beres papendak sareng angin sulaiman tos dewasa nerasken angkat ka puser bumi kaler atawa utara. Anjena di eta tempat lekasan di aping ku haidir. Sabab haidir bade ngumbara deui. [5/6 9.13 PM] affan: Di puser bumi kaler sulaiman mendakan kajantenan anu gambarana yen rasa tiisna karaos dugi ka sumsum balung anu kacida jerona. Tapi pas kajantenan harita Patepang sareng jibril di rohangan anu kacida bodas na. Ti ngawitan harita sulaiman sasarengan sareng jibril. [5/6 9.23 PM] affan: Sulaiman ngalajengken ngumbarana ka daerah gugunungan bukit tempat pependakna deui kanjeng adam sareng siti hawana.anjena papendaken sareng rajana setan didinya teh.naros naha anjen hayang apal adam. Sulaiman ngawaler lamun apal adam pasti bakal apal anjen hei raja setan. Tah didinya raja setan hayang nunduken sulaiman sabab ges ngarasa ka usik ku ayana manehna. Tah didinya aya kajantenan tarung galungan anatara sulaiman jeng raja setan. Sabaulan nembe beres galungana. Teu pira elehnamah sulaiman puasa teu dahar nanaon ngan nu unikna satiap saripati tuangen kabawa angin asup kanu nafas anjena. Tah didinya eleh weh si raja setan teh. Lamun di guar ku muhamadmah etateh kajantena di sasih romadon. Janten weh ku muhamad di damel sasih puasa saatos kenging wahyu ti gusti supados nerasken perjuangan sulaiman. [5/6 9.25 PM] affan: Uih deui Kanu carita elehna raja setan dugi eta raja masihan ciri elehna manehna nyaeta masihan ali atawa cing cin elehna manehna dugi masrahken anak buahna supaya nurut ka sulaiman. [5/6 9.29 PM] affan: Tah kitu rusiah kisah ngumbarana sulaiman anu teu acan kacaritaken.carita salajengnamah pasti atos arapal kumah kahebatan kanjeng sulaiman.dugi anjena kapilih oge janten raja "Siliwangi" sabab anjena linggih di tataran indocina sabab ngan hiji hikina nabi anu tulen katurunan di indocina ieu [5/6 9.32 PM] affan: Dugi kisah-kisah kanjeng sulaiman ieu kajantena sanes di daerah afrika eropa tapi di daerah asia nyaeta di sunda besar waktos haritamah. Dugi seu eur pisan patilasan karya anjena di indo cina.kalebet na kisah budha eta teh saleresna kanjeng sulaiman. [5/6 9.33 PM] affan: Cekap heula sakitu mugia janten pangeling ngeling supados langjunh raket ka gusti sanghyang tunggalna... [5/6 9.33 PM] affan: Inahuminsulaimana wa inahu bismilahirohmannirohim.... sampurasun
[8/6 8.02 PM] affan: Di kawitan ku nyebatken asmana nu maha kawasa gusti Alloh azawazala anu di sakseni ku endahna bulan anu kacida moncorongna di awuran ku endahna bentang yen wengi ayeuna teu aya angin teu aya halimun teu aya balebat anu ngadingdingkelir yen wengi ieu anu kacida endahna.Nyakseni anu nuju lalungsur ngabageaken nonoman anu nuju genah manah wening galih. Bari maranehna nyebatken nami mantena... Yaa robbi yaa salam yaa maksud yaa maujud...meni reang handaruan.... Sok gera harudang sok gera ngaradeg..sabab nu bakal pa antel dampal iwal nu hudang jeung nu ngadeg.. bari ngangkat leungeuna bari ngadu'a yaa robbi yaa robul izjati cahaya hirup abdi...(dsa)
[14/6 9.31 PM] affan: Sampurasun kasadayana... Urang lajengken carita ... Yen gening haidir teh dugi ayeuna masih jumeneng keneh. Dugi ka denget ayeuna masih ngabingbing jalmi anu saroleh.dugi haidir ieu nyaritaken ngadegna iblis di bumi ieu. Anjena nyaritaken yen iblisteh ngadeg di antara dataran anu henteu boga adab - adaban.nyaeta jelemana parinter tapi henteu pinter, harebat tapi teu hebat, jago tapi teu jago. Jadi tempat suku titincakana nyaeta nu katuhu di israel nu kenca di antara cina jeng rusia. Ieu naha di caritaken sabab dua bangsa ieu kacida pinterna nu hiji mikir, nu hijina deui teu mikir.nu hiji nurin ( tukang ngaruntut ka elmuan baheula da teu narima elmu nu di sampurnaken ku muhamad sabab ges ngarasa pang sampurnana),nu hiji deui nurun ( jago nurutan, tukang niron,tuturut munding) tapi duana na parinter.ngan hanjakal teu boga adab.tah dua bangsa ieu nu bakal ngaruksak alam jeng eusina. Ceuk haidir ieu bisa di peper ku adab. Iwal manusa nu boga adab bakal ngabad nu teu boga adab.
[14/6 9.31 PM] affan: Adab ieu naon atuh ..
[14/6 9.32 PM] affan: Nyaeta kalakuan nu hade,nu di larapken dina kahirupan sapopoena.
[14/6 9.32 PM] affan: Ahlakulkarimah
[14/6 9.33 PM] affan: Tah kade dua kasifatan ieu aya di diri urang kade talungtik cing jentre ulah asal asal an
[14/6 9.36 PM] affan: Ulah kabobodo tenjo ka samaran tingali sabab tong hariwang masih aya manusa anu nangtungan dunya nyaeta anu sukuna  masih nincak di tataran sunda jeng afrika.
[14/6 9.37 PM] affan: Tah ku kituna mugia urang aya dina nu boga adab. ....sampurasun...
[14/6 9.43 PM] affan: Nu boga adab nyaeta nu boga elmu nuril( elmu wujud) anu di sebut karya
[14/6 9.45 PM] affan: Haidir masihan ciri mun manehna aya nyaeta cirina aya bajra atawa nu disebut halimun sabab manehna boga aji halimunan
[14/6 9.46 PM] affan: Jeng ciri khasna manehna make salendang hejo
[14/6 9.49 PM] affan: Jadi elmu banyu bayu bajra teh ciri hadirna manehna
[15/6 4.10 AM] affan: Elmu banyu: pengendali air,elmu bayu:pengendali angin, elmu bajra: pengendali kabut/halimunan
[21/6 12.54 AM] affan: Bismilahirohmannirohim
Yen dinten ayeuna waktos tadi aya ewar anu hibar nyaeta ngabewarakeun yen kangjeng adam nuju masihan wejangana. Dina eusina caritana anjeuna nerangken cara,ciri,laku,lampah
[21/6 1.04 AM] affan: Yen saestuna anjeuna enggoning ngalakonan hirup di dunya kenging wejangan ku alam.nyaeta  du kawitan kumaha carana ngalakonan hirup di dunya.saparak ngagubrag ka dunya anjena teu apal kumaha carana hirup di dunya. Ngawitan nincak cucuk, batu cadas, tigebros,tikusruk dugi nyasab.tah didinya we anjeuna di ajar cara ngalengkah,ngarayap,raraba dugi apal kana raraban( ngesi diri atawa ngaji diri) Anjeuna ahirna apal carana hirup.cara ieu nu di maksud apal kedah kumaha ngesi hirupna ku kakuatan diri jeng arah kamana dina ngajalanken hirupna.nu pada ahirna ngukur kana kujur apal kana ragana. Anu di sebat ngawiraga.
[21/6 1.18 AM] affan: Saatos kitu anjeuna ngahuleung ngaraga meneng saatis apal cara anjeuna ningalian warugana.nanya kana rambutna dugi kana dampal sukuna. Rambut di taros bari di usapan, hey anjeun sakadang buuk naha maneh aya dina sirah kaula? Si rambut ngawaler, yeuh adam aing ngancik dina sirah anjeun supaya anjeun aya dina kasadaran, sabab kaula cicing aya batasna supaya anjeun nyaho kana zat na mantena. Teras anjeuna naros kana rarayna sabari ningali rarayna dina cai. Hey anjen raray kaula naha aya dina diri kaula?. Si raray ngajawab yeuh adam raray ieu silib elmuna gusti.sabab beungeut ieu bakal janteun bukti yen manusa bakal mayunan nu bogana.sabab kana mayunan Kedah aya nu di payun. Sabab bengeut bakal pa amprok jonghok jeng nu bogana.ningali eta wawakil ninggal, ngangseu wawakil ambeu, ngadangu wawakil dangu,nyarios wawakil maos, taar wawakil tuur, pipi wawakil api, lambey wawakil lampar, halis wawakil halus.
[21/6 1.19 AM] affan: Tah kitu kasifatan aya dina raray
[21/6 1.25 AM] affan: Teras anjeuna naros kana pangan.hey lengeun  naba anjeun aya dina diri kaula?.yeuh manusa anu kacida bodona naon maksudna nanyakitu.aingteh bakal jadi wawakil anjeun ngomong.anu bakal ngajawab anu Sagala rupa ku ajeun lakonan.sia moal apal lamun teu aya nu ngajalan.di kaula aya ramo,buku,siku,kuku.anjeun bakal loba di ajar ka aing.bakal loba ngaguar rasa,rumasa,lembut jeng kasarna ka aing.
[21/6 1.30 AM] affan: Teras adam naros kana dada. Dada ngajawab.yen anjeun Adam moal apal jerona laut lamun teu make dada.moal nyaho jauhna langit lamun teu make dada, moal apal lobana elmu, moal apal luhur darajat dirina, jeng moal apal susunan jamus kalimasada dina awakna,jeng moal apal Deket jauhna jeng gustina.
[21/6 1.33 AM] affan: Teras naros kana beuteung,udel sareng larangan. Di waler kieu, anjeun moal karasa peurih peuheurna hirup,seubeuh jeung sarakahna raga jeng moal apal cara ngajaga nafsuna lamun teu make beuteung.
[21/6 1.36 AM] affan: Teras udel atawa puseur ngawaler oge anu nyambungken anjeun jeng bali atanapi seba ragawi nyaeta aya tali ari ari sabab udel nu bakal jadi pangandali pangenyed dina kasaimbangan hirupna
[21/6 1.42 AM] affan: Pas larangan oge ngajawab kieu ieu daging bakal mawa sifat gusti dina kagenahan jeng panyiksaan. Mun di bawa hade bakal ngahiji jeng kahade sifat gusti.mun di bawa salah bakal mawa matak kana owah, bakal dekeut jeng nu ruwet nyeta bakal langgeng dina alam panyiksaan. Mun bisa ngajalanken larangana bener bakal genah dunya sarta di alam wenangna.
[21/6 4.15 AM] affan: Teras naros kana ping ping , di waler kieu yen anjeun bakal aya dina kawenangan dina hirup sabab ping ping ieu anu bakal ngajaga larangan jeng panahan awak. Manusa moal kuat lamun teu aya ping ping.bakal lemah teu walakaya.
[21/6 4.18 AM] affan: Teras naros kana tonggongna.si waler kieu yen sakabeh dina rambut dugi larangan aya sangga pananggehan badan sabab ieu elmu bagian kakuatan anu kacida gedena. Anu bakal nanggung jawabken kabeh kalakuan anjeun hei adam.
[21/6 4.21 AM] affan: Teras naros kana pamicenan.di waler yen anjen Kade tong hilap. Kahadean pasti kedah di imbangan jeng kagorengan.kasampurnaan di barengan jeng kakurangan.kaluar dina ka gorengan di jieun kahadean. Pupuk na kahirupan nyaeta kagirengan sabab bagean kaula bagean anu pangkotorna tapi kaula bagean beberesih anjeun heui adam.
[21/6 4.24 AM] affan: Teras naros kana tuur. waleran na yeng kaula anu bakal ngajawab kahayang taar. Sabab taar aya hubungan na jeung tuur.kahayang taar kahayang tuur.
[21/6 4.27 AM] affan: Teras ka bitis jeng bincurang.di waler kieu saur bitis kaula bagean kepatna lengkah anjeun sabab bitis apal batas,sabab bitis apal luncat.aing bitis apal awahan jeng aweuhan.
[21/6 4.29 AM] affan: Bincurang ngawaler yen anjeun bakal saha nu curang,saha anu caring saha nu cirang. Sabab bincurang aya lanceuk cicing didinya.
[21/6 4.34 AM] affan: Teras naros ka suku.hei suku naha anjeun aya di awak kaula.hei adam kaula aya sabab anjeun.anjeun aya sabab aya kaula.anjeun aya kaula tapakna.tatapkan aya urutna.kalakuan anjeun aya di kaula urutna. Sabab tapak anjeun bakal jadi tapak sarerea. Sabab kaula boga mata.tapak anjeun tapak gusti. Sabab gusti nu ngarahkeun lengkah anjeun.matakna ati ati dina napakeuna.ulah asal napak tapi kedah apal napakna.di rambut dugi ka bincurang kaula anu bakal napakena.
[21/6 4.37 AM] affan: Tah kitu ewarna sabab kahade ieu bacaan diri lain sagawayah anu teu bisa ngajaga di tungtung buuk dugi ka dampal suku kedah di jagi sareng kedah di jalanken.ulah di wilah wilah ulah di pilih pilih.da teu aya pilihan iwal kedah di angge sadayan.sabab lamun salah sahiji teu di jalanken bakal di teukteuk di penta tanggel walerna.tah ieu cirina manusa di ujung rambut dugi ka dampal sampeana.
[21/6 1.50 PM] affan: Saatos apal kana cara jeng ciri eta adam nyarios ken deui yen anjena ngahuleng Bari mikir kedah kumaha nyinghareupan hirup di dunya ieu.awalna alam teu narima adam aya di bumi satiap ngalengkah sukuna siga aya nu ngalungken siga aya nu najong. Dugi erek nginum si cai kalah ngajauhan siga nu alim di inum.tah didinya adam ngadu'a ka gusti nyuhunken kabijaksanaan.ya gusti cing paparin petunjuk mugia ieu bumi nampi abdi sabab abdi tos ingkar kana jangji ka anjen. Nuju kitu adam ngadangu cariosan anu kacida jentrena " teleman  diri gera cukcruk pedar legana dada".adam bingung bari panasaran.mikir didinya.saangges apal tah didieu mimitina aya adab adaban. Anjena ngartos yen kabeh ciptaan gusti gaduh nami.nami ieu kedah di ajenan sabab nami aya kayakinan atawa nu di sebat iman.jade we awalna yakin teh kedah apal nami nembe kana iman.satiap ngalengkah adam pamit ka bumi,langit,angin,ka hujan,ka cai jeng sajabana tah anu di sebat prilku atanapi kalakuan teh kudu boga adab.sabab kalakuan bakal nangtuken lalampahan.lampah anu atas dasar adab atas dasar iman atasdasar kayakinan.anu bakal nepiken kana tujuana.sabab laku lampah ieu teu bisa di pisahkan sabab ieu islam jeng iman,iman jeng islam.
[21/6 1.57 PM] affan: Tah kitu cigana carita bulan anu maha suci ieu lekasan.sabab awal ahir tos aya caritana awal kahirupan ku adam di tutup ku muhamad.sasih ayeuna di buka ku adzan Muhamad di pungkas ku adabna adam. Mugia sasih anu kacida caangna kedah ngalangkungan caangna 1000 bulan .manusa kedah langkung caang ti 1001 bulan.ulah dugi ka sarebu bulan tapi kedah sarebuhijibulan maksadna ulah sare bu bu lan anu hartosna perem ngahuleng mikiran wadah bubu anu acan beunang. Tapi kedah sa re bubu lanhi ji.kedah janten anu gaduh tujuan hirup kana hirup nu boga maha kakuatan.
[21/6 1.58 PM] affan: Tah tos lekasan bukaana nya... 😬
[21/6 2.05 PM] affan: Neda samudaya kalepatan gening awal ahir urang hirup moal tiasa leupas dina kahadean sareng kalepatan dakitu kodratna manusa hampura nya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...