Minggu, 09 Desember 2018

logo tidak terhingga

TEU AYA HINGGANA

Sampurasun...
Sampara suna pura Sunda...
Yaa dan sanga sundana purajan wahada sirna pura mahda mahsa mukarasa.ya sampura makana rasa rawuh mughada sarasa. 
Di kawitaning nyebat asmana nu gaduh Sanghyang makna rasa Gusti nu maha suci.
Yen dugi dinten ieu urang aya dina tangtayungan mantena.Yen urang sadaya masih di pasihan kalumigahan anu teu aya hinggana.tur teu aya tungtungna karahayuana anu di pasihkeun kaurang sadaya.ieu mantena atos masihan daya anu sadaya-daya dugi sadayana.Anu di pasihkeun ka mahluk anu namina manusa.Sabab ku saking nyaah pisan eta mantena ka ieu manusa.Nyaah tur Deudeuh ieu disebatna.Dugi darajatna di mulyakeun dugi 99 darajat.Darajat anu teu aya hinggana.Tapi manteuna masihan deui di ka manusa nyaéta tanggel waler na.Nyaah jeng deudeuhna kedah di imabangan ku tanggel waler.Gusti tos masihan anu teu aya hinggana tapi manusa kedah tanggel waler.Sabab 99 darajat aya asma mantena di lebetna.Sok tanggel waler keun titipan di mantena sabab sadayana aya dina sadaya-daya.mangga geura pasrah sumerah teu daya upaya.sabab teu aya hinggana di kawitan ku aya hinggana.owah gingsir gogodana.ulah hilap urang kedah sadaya-daya sumerah ka mantena.kedah Sadrah ka Sanghyang Wisesa Suta sura darma raga, darma rasa ,darma sirna ,Sewu tunggal guna lampahna. Tilem ngagumulung sirna raga sirna rasa sirnarahma.kedah kebat léngkahna, kedah sigep lampahna,kedah sirep amalna.iwal manusa jeng mantena.paduduan teu aya anu ngawagel ayana,Iwal manusa jeng mantena sosonoan anu kacida nikmatna muncak ngabale nyungcung anu teu aya hinggana.
Kanyaah kadeudeuh jeng tanggel waler na ieu aya di manusa.(dsa).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

  LOGO KBPP POLRI DAN SIBHARA PD JABAR KBPP POLRI PD JABAR berinisiatif untuk memperbaiki logo KBPP POLRI  dan logo SIBHARA supaya layak unt...